Senin, 16 Agustus 2010

Sundaan ~ Lomba maca warta sunda 2010 ~ #1st

Padagang Pasar Cicadas Nolak Kios 9 Juta Permeter
            Moal kurang ti 1.300 padagangany ngagabung dina Paguyuban Padagang Pasar Cicadas Baru (P3CB) nolak pangwangunan Pasar Cicadas Baru, tur baris ngaboikot pembayaran retribusi pasar. Kituna teh alatan kios anyar anu baris diwangun ku PT Tirta Marga Kencana (PT. TMK), dihargakeun Rp. 9 juta sameterna. P3CB nepungan ka DPRD Kota Bandung, Salasa, 25/4.
            “Dumasar kana hasil survey di tempat sejen, harga-harga kios per meterna kurang ti Rp. 2 Juta, dalah harga sakitu teh kaasup harga standar Bapenas,” cek Yosef Purnama wakil ti P3CB.
            Yosef oge nyebutkeun yen moal mungkin harga sakitu, bakal kaduga ku para pedagang, salian ti harga naraek alatan BBm, oge pangaruh jalan sajalur di Cicadas. Sanggeus P3CB ngayakeun survey, ceunah, harga Rp 9 juta teh dina nyatana mah harga pangluhurna ti anatara harga-harga pasar tradisional di Bandung, Yosef oge nyebutkeun yen dina proses ngalaksanakeun Revitalisasi Pasar Cicadas Baru, pihak Dinas Pengelolaan Pasar Kota Bandung jeung pihak Pengembang, PT. TMK kungsi ngondang tokoh masarakat jeung padagang pikeun musawarah ngeunaan harga di “Cafe De Resto” tanggal 10 Februari 2006. Hasilna nyamos, masing-masing keukeuh peuteukeuh kana pamadegannana. Pon kitu deui dina urung rempug nu kadua di Hotel Lingga, 9 Maret 2006, pihak Dinas Pengelolaan Pasar Kota Bandung jeung tokoh masarakat, oge tokoh padagang teu nepi kana rengsena pasualan, alatan nasib para pedagang teu meunang panyalindungan ti pihak Dinas Pengelolaan Pasar kaasup ti pihak Pengembang.
            Ku kituna, cek Yosef, dina surat pernyataan sikap P3CB, ditegeskeun yen nolak dipadukeunnana Pasar Tradisional jeung Pasar Moderen, ngaaudit pengembang PT. TMK kalayan eces, bari teu kolusi, korupsi, jeung nepotisme.

Tidak ada komentar:

Posting Komentar